Carpon Lalajo Lumba-lumba

Bismillahirrahmaanirrahiim, 
Sobat pena, tulisan ayeuna ngeunaan carita pondok atawa carpon lalajo lumba-lumba.

Lalajo lumba-lumba


Basa peré sakola, di Bandung kabeneran aya pintonan
lumba-lumba. Tempatna di lapangan Tugu Bandung Lautan Api,Tegallega. 

Lalajo lumba-lumba téh henteu poé Minggu. Poé Minge mah sok loba pisan nu lalajo. Kuring mah lalajo téh poé Senén Indit ti imah téh jam salapan isuk-isuk, leumpang waé sorangan da kabeneran teu pati jauh. Satengah jam ogé nepi. Tuluy meuli karcis di kelas dua. 

Barang sup ka jero, geuning lain barudak waé anu lalajo téh,
ibu-ibu jeung bapa-bapa ogé aya. Tapi lolobana mah barudak
sakola dasar, da keur peré.

Mani kesel ngadagoan pintonan dibuka. Jam sapuluh dibukana
téh. Hadéna waé ari isuk-isuk mah henteu panas teuing. Hateupna tína séng, mun ti beurang mah cenah sok panas pisan.

Mani atoh téh barang pintonan mimiti dibuka Mani resep.
Mikanyaah papada Mahluk
Mimiti anu dimaénkeun téh anjing laut. Sina luluncatan, sina ulin bal, sina dadangsaan. Lucu pisan, anjing laut téh bisa ngitung. Harita aya nu nulis dina bor leutik 4 + 8 =Anjing laut téh ngagoyangkeun bél. Mimitina mah salah. Kadua kalina salah kénéh. Katilu kalina mah bener 12 kali ngagoyangkeun bélna téh.
Sababaraha kali dicobangitung. Duka kumaha bet bisaeun. Tapi
nu pinter ngitung mah ngan hiji. Anjing laut nu hiji deui mah
bodo kénéh.

Bérés anjing laut, tuluy aya lutung leutik, aya biruang deuih.
Lalucu kabéh ogé, tapi anu lucu pisan mah lumba-lumba.

Aya dua lumba-lumbana téh, jeung galedé deuih, ngareueum
dina babalongan anu ngahaja meunang nyieun.

Mimitina dialungan bal gedé ku pelatihna. Ana jelebét téh bal
ngacleng tarik pisan ka palebah panongton. Atuh ger deui surak.

Lumba-lumba téh ting siriwik ulin bal dina jero balong.
Sakapeung balna diapungkeun
deui ka palebah panongton. Ger
deui sarurak.

Cara anjing laut tadi, lumba-
lumba ogé pinter ngitung. Tapi
nu hiji. Nu hiji deui mah kawasna diajar kénéh. Bor leutik nu aya tulisan 8 + 8 = ... ditémbongkeun ka lumba-lumba. Kawas nu ngarti, lumba-lumba téh tuluy mencét bél
ku bangusna. Cara tadi anjing laut, mimitina mah ngitungna téh salah, Lila-lila mah bener. Ari ngitungna bener mah panongton téh surak.

Aya Pa Badut, tinggejebur kana balong, kekerelepan rék titeuleum. Tangtuna ogė pura wungkul. Tapi lucu. Lumba-lumba nu dua téh nyalampeurkeun, narulungan Pa Badut téa.

Aya buleudan tina beusi dibulen ku lamak, tuluy diduruk nepi ka hurung. Lumba-lumba téh piligenti ngajlengan buleudan nu hurung téa. Mani paur, inggis kaduruk, karunya! Hadéna salamet.

Nu lucu mah basa lutung leutik tumpak paparahuan disurung
ku lumba-lumba. Sato nu héman geuning lumba-lumba téh.
Palatih nungtun nu lalajo duaan ka sisi balong, sina dicium ku
lumba-lumba. Nu saurang mah muringis kawas sieuneun. Lucu,
budak téh pipina dicium ku lumba-lumba.

Sanggeus tamat pintonan, panongton surak. Tuluy baralik.
Di lawang ka luar, barudak sakola mah dibagi jidar hiji séwang. Jidar iklan da aya tulisanna.

Balik téh kana béca ayeuna mah da lieur. Geus beurang ongkoh
Mahal bécana ogé. Pasti dimahalkeun ku tukang bécana téh. Boa disangkana mana lalajo lumba-lumba gé loba duitna. Padahal mah teu kitu.

Resep lalajo sasatoan bisa maén téh, tapi ogé karunya Duka ku naon.


Tulisanana.
Karangan Ani Mulyani, Murid SD Léngkong Besar Bandung
Dicutat tina buku Ranggeuyan Malati Terbitan Rahmat Cijulang, taun 1990

Belum ada Komentar untuk "Carpon Lalajo Lumba-lumba"

Posting Komentar

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel