Pupujian

Bismillahirrahmaanirrahiim, 
Sobat pena, tulisan ayena ngeunaan pupujian, biasana pupujian teh dikawihkeun di Masjid.mugia mangfaat.

Pupujian

Kakuping soanten adan
ti katebihan
éta téh pan ngagentraan
ngajak solat babarengan

Keur jalmi nu palay bagja
bagja hirupna di dunya
kitu deui ahératna
sing taat kana agama

Urang solat berjamaah
di masjid lain di imah
leuwih gedé pahalana
kitu conto ti nabina

Babarengan jeung tatangga
katut sobat sadayana
manjangkeun tali baraya
silaturahmi ngaranna

Pupujian

Dupi sadayana cai
nu sok dianggo susuci
éta aya tujuh rupi
walungan anu kahiji

Cai laut kaduana
cai sumur katiluna
cai ibun kaopatna
cai és nu kalimana

Cai nyusu kagenepna
cai hujan katujuhna
éta cai sadayana
sok dianggo susucina

Pupujian



Urang solat berjamaah
di masjid lain di imah
leuwih gedé pahalana
kitu conto ti nabina

Babarengan jeung tatangga
katut sobat sadayana
manjangkeun tali baraya
silaturahmi ngaranna

Pupujian


Nabi urang saréréa
Kangjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Qurés nya bangsana

Ibuna Siti Aminah
ramana Sayid Abdulloh
dibabarkeunna di Mekah
wengi Senén taun Gajah

Ari bilangan taunna
lima ratus cariosna
tujuh puluh panambahna
sareng sahiji punjulna

Medal nabi ahir jaman
pisan-pisan kaanéhan
sesembahan bangsa sétan
kabéh pada arucutan

Belum ada Komentar untuk "Pupujian"

Posting Komentar

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel