Pupuh Asmarandana

Bismillahirrahmaanirrahiim,
Sobat pena, ayeuna urang diajar tembang, pupuhna Asmarandana, eusina nyaritakeun rupa-rupa widang kahirupan. Mangga mugia mangfaat.

Pupuh Asmarandana

Bapa Tani

Rebun-rebun bapa tani,
getol digawé di sawah,
ngolah lahan sangkan léndo,
melak paré bulan-bulan,
mun usum panén datang,
hasil tina lahan subur,
mangpaat keur saréréa.

Pamayang

Pamayang nyorang jaladri,
teu sieun ku gedé ombak,
ngala lauk soson-soson,
geus meunang terus ka darat,
laukna sok dilélang,
hasil pamayang ti laut,
mangpaat keur saréréa.

Pagawe Pabrik

Para pagawé di pabrik,
nyieun barang rupa-rupa,
dijual minuhan toko,
kadaharan papakéan,
atawa kendaraan,
sakur nu dipikabutuh,
mangpaat keur saréréa.

Padagang

Para padagang balantik,
saban poé ka palasar,
barang digelar di jongko.
nu mareuli diladangan,
nyumponan nu balanja,
anu deukeut anu jauh,
mangpaat keur saréréa.


Jasa Pahlawan

Gawé tani gawé pabrik,
ngala lauk reujeung dagang,
kadé urang entong poho,
kabéh gé baroga jasa,
sarua jeung pahlawan,
tong ngukur ku pangkat luhur,
ningkatkeun darajat bangsa.



Belum ada Komentar untuk "Pupuh Asmarandana"

Posting Komentar

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel